Nu dimaksud karangan bahasan téh nya éta … *

KARANGAN BAHASAN/EKSPOSISI

Karangan bahasan nyaeta karangan anu nerangkeun atawa mere nyaho hiji hal. Cirina aya proses/lengkah-lengkah/prosedur.

contoh karangan bahasan :

BURGER TEMPE

      Hamburger atawa nu sok disebut burger teh nyaeta dahareun tina roti buleud nu dibagi dua tuluy di tengahna dieusian ku daging, sayuran (tomat, saladah, bawang bombay), jeung macem-macem caos (caos tomat, mayonaise, mustard).

      Loba jalma nu nyangka yen ngaran hamburger teh asalna tina kata "ham" nu hartina daging babi. Tapi,nu bener mah ngaran hamburger teh dibawa tina ngaran tempat eta dahareun mimiti dijieun, nyaeta di Kota Hamburg Jerman. Ti dinya, loba masyarakat Jerman nu pindah ka Amerika tuluy nyebarkeun cara ngajieun burger. Kabeneran, kata "ham" dina bahasa inggris nu hartina "daging babi" cara pengucapanana sarua jeung pengucapan kata "hamburger". Faktana hamburger henteu ngandung ham (tapi aya oge restoran nu nambahkeun ham jang nambahan cita rasa).

     Umumna, eusi burger teh ku daging sapi jeung daging hayam. Tapi ayeuna mah loba nu ngajual burger nu eusina rendang, spageti, malah aya oge burger nu eusina cau jeung es krim. Jang anu keur program diet, eusi burger teh bisa diganti ku sayuran atawa bahan sejen saperti tempe. Salain murah, tempe oge ngandung protein, antibiotika, jeung antioksidan nu dipercaya mangpaatna pikeun kasehatan.

      Cara ngajieunna, siapkeun roti burger, saladah, tomat, mayonaise, caos tomat, bawang bombay, bawang daun, bawang bodas cingcang, uyah, pedes, endog jeung 300gr tempe nu geus diseupan. Campur bawang bodas, bawang daun, uyah, pedes jeung tempe. Lamun tos kacampur rata, tambahkeun endong jang pangrapet (meh tempena teu mararisah lamun digoreng). Bentuk buleud ipis adonan (ukuran disasuaikeun jeung roti). Goreng adonan nepi ka warnana kacoklatan. Terakhir, susun roti, saladah, tpmat, bawang bombay, jempe tuluy dicaos tomatan jeung mayonaise. Burger tempe siap dihidangkeun.

Mung sakitu karangan bahasan ti simkuring, mugia aya mangpaatna. :)

SUNDAPEDIA.COM, Sampurasun! Jenis-jenis karangan non ilmiah bahasa Sunda pada dasarnya sama dengan jenis karangan dalam bahasa Indonesia. Bentuk karangan tersebut yaitu karangan argumentasi, deskripsi, eksposisi, narasi, dan persuasi.

Jenis-jenis, ciri, dan contoh karangan bahasa Sunda adalah sebagai berikut:

1. Karangan Argumentasi

Pengertian karangan argumentasi adalah paragraf yang berisi opini atau pendapat pengarang tentang suatu hal. Pendapat tersebut disertai dengan alasan, bukti, data atau fakta untuk memperkuat pendapatnya.

Nurutkeun harti dina basa Sunda, karangan arguméntasi teh nyaéta karya tulis anu dieusi pamadegan atawa pamanggih pangarang ngeunaan hiji perkara. Éta tulisan téh ilaharna sok disartaan ku alesan, bukti, data, atawa kanyataan pikeun nguatan pamadegan atawa pamanggihna.

1.1. Ciri-ciri paragraf argumentasi

  • Terdapat opini atau pendapat pengarang.
  • Disertai alasan, bukti, data, atau fakta.
  • Bertujuan untuk memengaruhi atau meyakinkan pembaca.
  • Pengarang menghindari keterlibatan emosi dalam menyampaikan pendapatnya.

1.2. Contoh karangan argumentasi basa Sunda

Diajar Daring

Pamaréntah geus nyiapkeun program diajar daring (dalam jaringan) pikeun siswa supaya bisa diajar jarak jauh salila aya wabah covid-19. Keur ngadukung éta program supaya bisa lancar, pamaréntah méré bantuan mangrupa kuota internét keur guru jeung siswa.

Program éta téh kawilang cara anu paling aman pikeun barudak supaya teu katépaan virus. Sakumaha nu geus pada kanyahoan, yén covid téh tépana ngaliwatan droplét. Tah ku cara diajar daring mah virus téh moal pati nerekab sabab tangtuna ogé moal tépa ku ngaliwatan jaringan internét.

Sajaba ti aya dampak positipna, diajar daring téh loba kénéh kakurangannana. Di antarana baé loba kénéh lembur nu can katepi ku sinyal internét, contona di lembur kuring. Lamun hayang muka WA téh kudu ngadon ka kebon atawa indit ka sisi jalan gedé.

Jeung deui ti éta, teu kabéh barudak baroga HP. Antukna keur nu cicing di pilemburan nu can katepi ku sinyal internét mah diajar daring téh can bisa jadi solusi. Ku hésé sinyal mah tong boro nu teu bogaeun hp, dalah nu boga hp ogé nitih teu bisa dipaké internétan. Kuota paméré ti pamaréntah ogé nungtungna mah sasat dipiceun. Lain harti dipiceun kartuna tapi teu kungsi kamangpaatkeun.

Keur ngungkulan pasualan éta, ceuk pamikiran kuring mah tangtuna ogé tower-tower kudu ditambahan supaya sinyal bisa nepi ka unggal lembur. Sahenteuna ari geus aya sinyal mah, anu can boga hp bisa nginjeum hp ka kolotna atawa milu diajar ka batur salemburna. Lain keur ayeuna waé sabot usum covid, tapi keur jangka panjang sangkan urang lembur bisa milu ngarasakeun kamajuan teknologi informasi.

2. Karangan Deskripsi

Pengertian karangan deskripsi adalah karya tulis yang berisi gambaran tentang sesuatu hal yang melibatkan panca indera sehingga pembaca seolah-olah dapat melihat, mendengar, atau merasakan hal yang ditulis oleh pengarang.

Ceuk basa Sunda mah, hartina karangan déskripsi téh nyaéta tulisan anu ngébréhkeun hiji perkara atawa kaayaan kalawan jéntré sahingga nu maca bisa ngarasakeun, atawa saolah-olah bisa milu nempo jeung ngadéngé kana éta perkara.

2.1. Ciri karangan deskripsi

  • Menggambarkan suatu hal.
  • Melibatkan pengamatan panca indera.
  • Tulisan dibuat secara objektif dan subjektif (kesan pribadi penulis).

2.2. Contoh karangan deskripsi basa Sunda

Kaayaan di Pilemburan

Isuk-isuk manuk ricit disarada. Anak hayam diasuh ku indungna kokoréh ngala cacing di kebon sampeu. Panon poé moncorong ti beh wetan ngahaneutan paré anu keur meujeuhna beuneur héjo. Sawahna ngeplak hejo lémbok matak pikabetaheun nu nénjo. Cai walungan ngaduludug, solokan curcor, pancuran ngagolontor caina hérang ngagenyas matak seger lamun dipaké mandi. 

Lalaki nu rék digarawé ka kebon arindit manggul pacul bari nyorén bedog. Atuh barudak sakola ogé arindit silih sampeur tuluy ngaleut mapay jalan satapak bari gogonjakan nuju ka sakola anu aya di kuloneun lembur. Teu kungsi lila, awéwé barijil ti imahna nyampaykeun popoéan dina pager hareupeun imahna séwang-séwangan.

3. Karangan Eksposisi

Pengertian karangan eksposisi adalah karya tulis yang berisi uraian atau penjelasan tentang suatu hal yang bertujuan untuk memberi informasi atau pengetahuan tambahan bagi pembaca.

Untuk lebih menjelaskan uraian, tulisan dapat dilengkapi dengan data. Paragraf eksposisi juga terkadang berisi penjelasan proses, langkah, atau cara melakukan sesuatu.

Numutkeun basa Sunda, hartina karangan éksposisi nyaéta karya tulis anu eusina medar hiji perkara anu tujuanna méré nyaho atawa pangaweruh tambahan keur nu maca. Sangkan leuwih écés, éta tulisan téh bisa ditambahan ku gambar, grapik, statistik, atawa data séjénna.

Paragraf éeksposisi ogé ilahar disebut paparan proses sabab sakapeung sok nétélakeun léngkah atawa cara ngalakukeun hiji perkara. 

3.1. Ciri karangan eksposisi

  • Menyajikan informasi kepada pembaca.
  • Informasi berupa fakta.
  • Tidak memengaruhi pembaca.
  • Menjelaskan proses atau analisa sebuah topik.

3.2. Contoh karangan eksposisi bahasa Sunda

Comro

Comro téh mangrupa kadaharan urang Sunda anu dijieunna tina sampeu jeung oncom. Lamun ditempo tina segi bahasa, kecap comro téh mangrupa wancahan nyaéta kecap memet tina “ngaran kadaharan anu oncom dijerona”.

Wujud comro téh ilarahna baruleud sagedé peureup orok, rupana semu konéng. Keur haneut kénéh mah lamun digegel téh nuruktuk rangu. Rasana ngeunah pisan, pacampur antara gurih jeung lada. Didaharna ngeunah jeung cikopi atawa cai entéh haneut bari siduru hareupeun parako.

Cara nyieunna babari pisan. Sampeu meunang mesékan dikumbah nepika beresih. Geus kitu diisrud atawa diparud tuluy dipeureut nepika kaluar acina supaya comrona rangu. Éta sampeu meunang ngisrud téh dideplé-deplé sina baruleud dina dampal leungeun, tuluy jerona dieusian ku sambel oncom. Geus kitu mah kari ngagoréng sing garing.

4. Karangan Narasi

Pengertian narasi yaitu cerita yang dipaparkan menurut alur atau plot. Paragraf narasi memiliki tiga unsur pokok, yaitu peristiwa atau kejadian, tokoh, dan konflik. Karangan narasi bisa berupa fiksi atau non fiksi.

Hartina karangan narasi ceuk basa Sunda nyaéta carita anu dipedar nurutkeun kajadian, tokoh, jeung konplik. Narasi téh bisa mangrupa fiksi samodél dongéng, carpon fiksi atawa karya tulis fiksi lianna. Bisa ogé mangrupa non fiksi (kisah nyata).

4.1. Ciri karangan narasi

  • Tulisan berupa cerita seperti berita, kejadian, atau pengalaman menarik.
  • Cerita disajikan dengan urutan kronologis yang jelas.
  • Terdapat konflik.
  • Memiliki alur/ plot.
  • Bersifat menghibur.

4.2. Contoh karangan narasi bahasa Sunda

Teu Tulus Nganjang ka Imah Nini

Poe Ajad basa libur sakola minggu kamari, indung kuring ngajakan nganjang ka imah nini. Kuring ngarasa atoh sabab geus lila teu nganjang ka nini di lembur. Isuk kénéh gebrus mandi, tuluy dibaju nu pangalusna. Sanggeus sarapan kuring jeung nu jadi indung indit ka sisi jalan gedé nu maksudna rék megat mobil.

Teu kungsi lila kurunyung aya beus ngaliwat. Kalacat kuring jeung nu jadi indung naék kana beus, atuh babawaan mah dipangjingjingkeun ku kenéktur diteundeun dina bahasi. Karék ogé sapuluh menit ti harita, beus teh ujug-ujug reg eureun. Kenék turun tuluy leumpang ka hareupeun mobil.

Teu kungsi lila manehna balik deui, bari ngabejaan lalampahan moal bisa dituluykeun sabab supir meunang SMS yen jalan kapegat urug. Kabéh panumpang ngarasa handeueul ngan teu bisa kukumaha. Antukna mobil balik deui. Kuring balik ka imah bari ngalenghoy sabab kuciwa teu tulus nganjang ka imah nini.

5. Karangan Persuasi

Pengertian karangan persuasi adalah karya tulis yang berisi ajakan pengarang untuk melakukan sesuatu atau mempercayai sesuatu. Karangan persuasi juga sama seperti argumentasi, yaitu disertai bukti, fakta, atau alasan agar pembaca percaya dan yakin sehingga mau mengikuti ajakan pengarang.

Ceuk bahasa Sunda, hartina karangan persuasi nya éta karya tulis anu dieusi pangajak pangarang pikeun ngalakukan atawa percaya kana hiji perkara. Persuasi ogé sok ditambahan ku bukti, fakta, atawa alesan sangkan nu maca leuwih percayaeun jeung daék nuturkeun kana kahayang pangarang.

5.1. Ciri karangan persuasi

  • Bersifat mengajak pembaca.
  • Memiliki alasan, bukti, atau fakta yang kuat untuk meyakinkan pembaca.
  • Menghindari konflik yang dapat meragukan pembaca.
  • Berusaha mencari kepercayaan pembaca.

5.2. Contoh karangan persuasi bahasa Sunda

Make Masker

Wabah covid téh beuki poé beuki nerekab, loba pisan jelema nu katarajang virus malah teu kurang nu tilar dunya. Numutkeun data anu diumumkeun ku pamaréntah dina tipi, anu maot poé kamari nepi ka 100 urangna. Ieu téh nandakeun yén covid teu bisa dianggap énténg.

Pamaréntah geus negeskeun yén salah sahiji cara pikeun nyegah sangkan teu katepaan virus téh nya éta maké masker. Naha kudu maké masker? Sabab ceuk para ahli kaséhatan, éta virus téh tépa na ngaliwatan droplét. Droplét éta bisa antel kana leungeun, kalawan teu sadar urang nyekel irung atawa nyekel baham.

Tah ku maké masker mah, nu nyarita moal mecrot sabab kahalangan ku masker. Jadi panyakit ogé moal pati nerekab teuing. Ku hal sakitu, di jaman wabah siga ayeuna mah maké masker teh penting pisan. Kajeun teuing rada eungap meueusan tibatan kudu diisolasi atawa nepakeun panyakit ka batur.

Ku kituna, urang ulah leupas ti masker. Unggal kaluar ti imah masker kudu salilana dipaké keur ngajaga kaséhatan awak sorangan jeung batur.

Demikianlah, semoga bermanfaat.