Page 2
Kumpulan sajak, atawa sok disebut ogé buku kumpulan sajak, nyaéta buku anu eusina sajak wungkul. Aya di antarana dibarengan ku sawangan ti ahlina, minangka pangjajap, ngupas sajak-sajak anu dimuat di dinya. Dina sastra Sunda mah saméméh medal mangrupa buku kumpulan sajak téh saméméhna kungsi dimuat heula dina majalah-majalah atawa surat kabar.[1]
|